Rabu, 25 Agustus 2010

Aksara Sunda

Aksara Sunda


Aksara Sunda nujul ka hiji sistim ortografi hasil karya masarakat Sunda nu ngawengku aksara jeung sistim kaaksaraan pikeun nuliskeun basa Sunda. Aksara Sunda ngarujuk ka aksara Sunda Kuna nu kungsi dipaké sahanteuna ti abad ka-14 nepi ka abad ka-18.

Sajarah

Salian ti aksara Sunda Kuna, kaadaban Sunda ogé kungsi wanoh jeung sababaraha sistim aksara lianna, di antarana:

  • aksara Pallawa atawa aksara Pra-Nagari anu dipaké pikeun nuliskeun basa Sangsakerta, dipaké nepi ka abad ka-7,
  • aksara Sunda Kuna anu diturunkeun tina aksara Pallawa.
  • aksara Cacarakan atawa aksara Jawa, sacara umum marengan asupna Islam jeung kaadaban Jawa ka Cirebon (abad ka-16) jeung Priangan (abad ka-17),
  • aksara Pegon, utamana di lingkungan pasantrén, ku asupna ajaran Islam ti tatar Arab,
  • aksara Latin, mimiti dipaké ahir abad ka-19, diwanohkeun ku pangjajah Walanda.

Sacara resmi, pamaréntah Jawa Kulon ngaliwatan Perda taun 2003 geus ngarojong aksara Sunda pikeun pakéeun sapopoé.

Prasasti Astana Gedé Kawali ti jaman Sunda-Kawali abad ka-15, tulisanana maké aksara Sunda Kuna.

Komputerisasi

Komputerisasi aksara Sunda nalika medarna publikasi resmi ngeunaan aksara Sunda ti Pamaréntah Jawa Kulon. Conto mimiti nyaéta "Aksara Pakuan" dina wanda OTF[2].

Salian ti éta, dina bulan Januari 2006, proposal pikeun ngodekeun Aksara Sunda dina format Unicode geus dikirimkeun ka konsorsium Unicode [3].

Prosés ieu bakal jalan dua taun lilana. Diharepkeun dina taun 2008, aksara Sunda geus asup kana susunan Unicode versi 5.0.

Susunan Aksara Sunda

Aksara Sunda diwangun ku sababaraha komponén, diantarana:

aksara ngalagena
vokal mandiri
aksara swara
tanda baca
angka

Aksara Ngalagena


Aksara Vokal Mandiri


Rarangkén

Dumasar kana patempatanana, 14 rarangkén dibagi jadi:

rarangkén luhur = 5 rupa
rarangkén handap = 2 rupa
rarangkén sajajar = 6 rupa

Angka


Dina tulisan, angka diwatesan ku tanda pipa ajeg | ... |.

Conto makéna :

Asmarandana

Éling éling masing éling,
rumingkang di bumi alam,
darma wawayangan baé,
raga taya pangawasa,
lamun kasasar lampah,
napsu nu matak kaduhung,
badan anu katempuhan.

Ladrang

Aya hiji rupa sato leutik,
Éngkang-éngkang, éngkang-éngkang,
Sok luluncatan di cai,
Ari bangun arék sarupa jeung lancah.

Sumber : http://su.wikipedia.org/wiki/Aksara_Sunda

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Komentar Via Facebook