Jumat, 24 September 2010

Pepatah Orang Tua (Dalam Bahasa Sunda)

Papatah Kolot Baheula

Berikut adalah sebagian contoh pepatah dari orang tua atau leluhur kita yang patut kita cermati dan jadikan patokan dalam menjalani kehidupan ini.

  • Ulah gugur samemeh tempur, ulah perlaya samemeh perang. Indit ka medan jurit ulah dengki, lumampah ka medan danalaga ulah dendam, lumaku ka medan tempur ulah ujub.
  • Taat sumembah kanu janten rama, sumujud tumut kanu janten ibu.
  • Dihareupeun aya kasusah, ditukang pasti aya kabungah.
  • Dahareun anu asup kanu awak, bakal jadi kulit, jadi daging, jadi sumsum, jadi balung, jadi bagal pangawasa, matak sing ati-ati.
  • Mudah-mudahan urang kakungkung ku rohmat pitulung nu Maha Agung.
  • Sasanget-sangetna leuweung, moal leuwih sanget tibatan sungut.
  • Manusa mah beda jeung anjing budug di jarian, dimana paeh ngan saukur bilatungan, tapi manusa sajabana ti bilatungan bakal panggih jeung balitungan.
  • Kudu mampu tungkul kanu jukut, ulah tanggah ka sadapan, sing awas kana tincakan.
  • Amit kanu mangku lembur, kanu nyungsi dinu sepi, nu keur genah tumaninah.
  • Sanajan urang paanggang, hatemah paanjang-anjang. Sanajan urang papisah, kanu Maha Kawasa urang sumerah pasrah.
  • Hariring lain nu kuring, haleuang lain nu urang. Hariring kagungan Nu Maha Wening, Haleuang kagungan Nu Maha Wenang.
  • Jelema mah tungkul tumpuk kaluluputan, tanggah tempat kalalepatan. Samenit ganti sajam robah, jangji isuk rajeun tara kapake sore.
  • Lain sia kudu melaan agama, tapi agama nu kudu melaan sia. Sabab agama bakal nyalametkeun urang dunya akherat.
  • Sakur nu rek ngarugikeun kana diri, bangsa jeung nagara, cegah ku diri sorangan.
  • Jalma nu iman ka Pangeran, dimana datang bala sobar, datang untung sukur.
  • Geura leungitkeun sirik pidik nu ngancik dina ati, aral subaha nu nyayang dina dada.
  • Ditarima ku panangan dua, disuhun dinu embun-embunan, ditampi ku ati sanubari.
  • Hirup kudu sauyunan, mun cai jadi saleuwi, ka darat jadi salogak. Sapapait samamanis, sabagja satanggung jawab, sareundeuk saigel.
  • Ari nu ngaranna hukum adil teh teu ninian, teu akian, teu indungan, teu bapaan, teu sobat-sobat acan.
  • Dimana urang doraka ka indung bapa, lir ibarat Lamun di lembur kai randu, lamun di leuweung kai dangdeur. Dipake pangorek bingkeng, dipake pamikul bengkung. Dipake suluh matak teu ruhai, matak beuleuweung kanu niupna.
  • Dina sawatara isuk, dina sawatara wanci haneut moyan, dina sawatara poe anu keur dilakonan, dina sawatara harepan, dina sawatara impian, mugi aya dina cageur jeung bageurna, panceg jeung ajegna, hirup jeung huripna, waluya balarea, prung tandang makalangan marengan caang jalan pasampangan.
  • Peun we ah papait ka tukang, kaseudih anu kamari, tunggara anu mangkukna, rek dipendem ameh balem, disimpen cing rikip, ditunda, diecagkeun, moal di teang, moal di inget, geus wayahna nyampeur kabagja, geus wayahna ninggali kahareup, ajeg nangtungan hirup, ngabageakeun anjeun anu aya, anjeun anu nyanghareup, anjeun anu aya sajeroning rasa.
  • Panon poe geus moncorong, indung beurang geus nyaangan, gearkeun hate anu alum, heabkeun rasa anu tiis, bray hibar cahyana ka sakuliah alam dunya, mawa bagja keur urang sararea.
  • Pajajaran kari ngaran, Pangrango geus narikolot, Mandalawangi ngaleungit, Nya dayeuh geus jadi leuweung.
  • Lamun neda kudu ka Pangeran, mustang ngeumbing mung ka Gusti. Sabab lamun menta ka manusa, matak bosen nganti-nganti.
  • Amit ampun nya paralun, ka Gusti Nu Maha Agung, ka Nabi anu linuhung, Muhammad anu jinunjung.
  • Kaluhur neda papayung, papayung Nu Maha Agung, kahandap neda pangraksa, pangraksa Maha Kawasa.
  • Ampun ka anu Maha Agung, Nu kagungan Kun fayakun, Jleg ngadeg sakur kersa-Na, Bral gumelar kawasa-Na.
  • Lain rek mamatahan nerekel ka monyet, mamatahan ngojay ka soang.
  • Geura menta hampura kanu jadi bapa, geura menta ampun kanu jadi indung, sabab duanana pangeran urang di alam dunya.
  • Sabar teh lain  Ditampiling cicing, ditajong morongkol, digebug murungkut.
  • Sagolek pangkek, sacangreud pageuh, teu unggut kalinduan, teu gedag kaanginan.
  • Meredih kana asihna Gusti, menta kana murahna nu Kawasa.
  • Jeung dulur mah Jauh silih tepungan, anggang silih teangan, gering silih ubaran, paeh silih lasanan, salah silih benerkeun, poekeun silih caangan, mun poho silih bejaan.
  • Dedeg sampe, rupa hade, patut teu nganjuk, rupa teu menta, na kalakuan teu beda ti euwah-euwah?.
  • Bisi aya elmu kasungkur-sungkur, pangabisa nu can ka talaah, ajian nu kasingkir-singkir, geura taluktik ti kiwari, geura kotektak ti ayeuna.
  • Ulah jalir janji lanca-linci luncat mulang udar tina tali gadang.
  • Zaman kiwari mah Anu dakwah kari pertentangna, anu ngaji kari hariringna, tapi kajahatanmah beuki meuweuh.
  • Dimana-mana hurung nangtung siang leumpang, caang jalan, lugina hate, kakait ati anu sajati, gagantar rasa anu sampurna, nun gusti .. teupangkeun kuring jeung manehna, meureun aya rasa, rasa bagja anu sampurna salamina.
  • Kateter basa, kalangsu mangsa, katinggaleun poe, nyasab dina waktu, ayeuna, isuk jeung kamari, hiji niat na diri, miharep, ngapimilik anu sajati.
  • Kudu paheuyeuk- heuyeuk leungeun paantay-antay tangan.
  • Neangan luang tipapada urang.
  • Ulah nyaliksik ku buuk leutik.
  • Ulah lunca linci luncat mulang udar tina tali gadang, omat ulah lali tina purwadaksina.
  • Ulah pagiri- giri calik, pagirang- girang tampian.
  • Bengkung ngariung bongkok ngaronyok.
  • Nyaur kudu diukur nyabda kudu di unggang.
  • Hirup di alam dunya teu aya sembaheun anging Gusti nu kagungan urang sadaya, nu ngajadikeun bumi, langit, sawarga, naraka jeung sagala eusina.
  • Hate nu Kalingkung ku wawangunan, kalingker ku papageran.
  • Miindung ka waktu, mibapa ka zaman.
  • Niti wanci nu mustari, ninggal mangsa nu sampurna, kahirupan di dunya taya lian keur taqwa.
  • Bagja dimana boga sobat medok, istri denok, sawah ledok.
  • Nu geulis jadi werejit, nu lanjang jadi baruang.
  • Nyukcruk galur nu kapungkur, mapay laratan anu baheula, nitih wanci nu kamari, ninggang mangsa nu sampurna. Sanajan urang beda tapi sarua, sanajan teu ngahiji tapi sa ati, milari ridho gusti nu Sajati.
  • Tunggul tong dirurud, catang tong dirumpak, hirup katungkul ku umur, paeh teu nyaho dimangsa. Sing inget kana purwadaksi, purwa wiwitan, daksi lekasan. Hartina sing apal kana diri, asal timana?, cicing dimana? Balik kamana?.
  • Urang teh bakal pinanggih jeung poe akhir, nu ngandung harti poe pamungkas, raga ditinggalkeun nyawa, maot pingaraneunana. Bakal digiring kurung keur kuring, bakal dibulen saeneng-eneng, bakal ngagebleg deui jeung mantena.
  • Hirup katungkul ku umur, paeh teu apal dimangsa, numatak rinik-rinik kulit harti, cicing harti ngawincik diri, mun nyaah kana raga sing nyaho kana dasar agama.
  • Positif x posotif = positif. Negative x negative = positip. Positip x negative = negative. Nu bener dibenerkeun eta bener, nu salah disalahkeun eta bener. Nu bener disalahkeun eta salah, nu salah dibenerkeun eta salah.
  • Ratu tara ngahukum, raja tara nyiksa, melak cabe jadi cabe, melak bonteng jadi bonteng, melak hade jadi hade, melak goreng jadi goreng.
  • Ulah taluk pedah jauh, tong hoream pedah anggang, tong cicing pedah tebih jauh kudu dijugjug, anggang kudu diteang, tebih kudu di sungsi.
  • Alam nirwana, alam asal, poe panjang, Nagara tunjung sampurna, nu baheula ka alaman, ngan kahalangan ku poho, sabab poe kamari lain poe ayeuna. (Akherat).
  • Wayang nyaeta gambaran kahirupan manusa Nu dipipindingingan ku silip sindir, dihalangan ku siloka sareng sasmita, kalayan dirimbunan ku gunung simbul.
  • Geus loba pangarti nu kapimilik, pangabisa nu geus kapibanda, elmu nu geus katimu. kari diamalkeun.
  • Mipit amit, ngala menta, nyukcruk walungan, mapay wahangan, nete taraje, nincak hamalan, ipis lapis, kandel tapel. (malapah gedang).
  • Sing waspada jeung permana tinggal. (Waspada).
  • Inditna ulah ngagidig, nyokotna ulah ngaleos, mawana ulah ngalengkah.
  • Meredih tina ati, menta tina manah. Menekung kanu Maha Agung, muja brata kanu Maha Kawasa.
  • Pasti teu bisa dipungkir, kadar teu bisa di singlar, papasten nu tumiba.
  • Sing bisa nilik kana diri, bisa ngukur kana kujur.

Selasa, 21 September 2010

Pandu

Pandu

Pandu (basa Sansakerta: पाण्‍डु; diéjah Pāṇḍu) nyaéta ngaran salah sahiji palaku dina wiracarita Mahabarata, bapana para Pandawa. Pandu mangrupakeun anak kadua ti tilu sadulur, nyaéta Dréstarata anu sabenerna mah mangrupakeun pawaris ti Karajaan Kuru kalawan puseur pamaréntahan di Astinapura, tapi alatan lolong mangka tahtana dibikeun ka Pandu jeung Widura, anu henteu ngabogaan élmu kasaktian naon-naon tapi ngabogaan élmu kewijaksanaan anu hadé utamana dina widang katatanagaraan.

Pandu ngabogaan dua urang pamajikan, nyaéta Kunti jeung Madrim. Sabenerna Pandu Déwanata henteu bisa miboga anak alatan disupata ku hiji resi, alatan dina waktu resi kasebut nyamur jadi kidang pikeun sapatemon jeung bojona, Pandu manah manéhna nepi ka tiwas. Dua pamajikan Pandu Déwanata ngandung ku cara ménta budak ka Déwa. Pandu Déwanata tungtungna tiwas alatan supata anu ditimpahkeun ka manéhna, sarta Madrim nyusul salakina ku cara ngaduruk manéh.

Sabtu, 18 September 2010

Masyarakat Sunda Pernah Melupakan Aksaranya

Masyarakat Sunda Pernah Melupakan Aksaranya

Masyarakat Sunda Pernah Melupakan Aksaranya. Konon, bangsa Cina telah mempunyai aksara sejak 3.000 atau 2.000 tahun sebelum Masehi. Sedangkan bangsa India telah memiliki aksara sejak kira-kira 800 tahun sebelum Masehi. Tetapi, percaya atau tidak, etnis Sunda malah pernah melupakan aksaranya sendiri lalu ironisnya malah mengadopsi aksara dari Jawa. BAHKAN sampai sekarang, yang disebut aksara Sunda adalah hanacaraka masih banyak yang mengakui. Mau tahu? Coba saja jalan-jalan di Kota Tasikmalaya, sebuah daerah yang selama ini dijadikan pusat pertumbuhan di wilayah Priangan Timur, Jawa Barat. Setiap kita menemukan petunjuk nama jalan, di bawah aksara Latin selalu ditulis dengan aksara hanacaraka.

Komentar Via Facebook