Sabtu, 07 Mei 2011

Palakiah Milih Pipamajikaneun

Palakiah Milih Pipamajikaneun


Pikeun sawatara jalma, tampolana mah sok ngarasa lieur pikeun nangtukeun pipamajikaneun. Rek milih nu ieu, bisi kitu. Rek milih nu itu, bisi kieu. Pikeun ancer-ancer kumaha prak-prakanana milih pipamajikaneun, bisa di impleng sababaraha palakiah di handap :

  1. Samemeh urang kawin, kudu apal heula nu jadi daya tarik pipamajikaneun. Pikeun nangtukeun daya tarikna, ulah galideur, tempo.... sukuna!! Nu matak kitu teh bisi bae pipamajikaneun teh sukuna.... henteu napak kana taneuh.
  2. Usahakeun neangan pipamajikaneun teh anak tunggal. Keun bae kolotna beunghar oge, ngan tangtu  urangna kudu naggung resiko..... nampa warisan.
  3. Kudu apal kana minyak seungit nu biasa dipakena. Urang kudu curiga ka pipamajikaneun lamun manehna boga kabiasaan make minyak...... erem.
  4. Tinggali kabiasaan make sapatuna, bisi bae manehna resep make sapatu duanana..... katuhu hungkul.
  5. Lamun urang ngaleng manehna, heug manehna nyarita “Ayang nyepengna ulah kana tonggong” urang kudu taki taki bisi bae .... tonggongna gorowong heug manehna terus ngageleber hiber.
  6. Pikeun ngalancarkeun komunikasi, pacuan milih pipamajikaneun teh kudu nu aya..... sirahan

Nu Kasép & Nu Geulis

Nu Kasép & Nu Geulis


Dina hiji mangsa, kacaturkeun aya hiji jajaka gandang nu keur néangan pipamajikaneun. Manéhna ngumbara ka unggal lembur jeung dayeuh, ti gunung tepi ka laut, malah tepi ka leuweung sagala.. “Kusabab aing kasép, pamajikan ogé kudu geulis, kudu sampurna kageulisanana, sangkan turunan aing karasép jeung gareulis” pokna téh.

Singgetna, manéhna papanggih jeung hiji lalaki kolot di leuweung nu ngabogaan 3 putri nu gareulis kawanti-wanti. Kulit hejo carulang, biwir ngagondéwa, gado endog sapotong, jeung saterusna…. jeung saterusna…

“Aki, nembé ayeuna kuring ningal istri-istri anu sakitu gareulisna. Sim kuring téh nuju milari pibojoeun. Manawi diwidian, salah sahiji putri aki badé dijantenkeun istri ku abdi.”
“Aéh-aéh, kasép, sanajan tiluanana ogé mangga téh teuing, aki mah rido.”
“Ah, moal atuh ki, ageung teuing waragadna, oge bilih janten présédén awon engké pami diliput ku média infotainment.”

“Oh.. saé.. saé ari kitu mah!”
“Nanging, abdi téh bingung, kedah milih anu mana….”
“Teu kedah bingung kasép, mangga waé ditingali ti luhur satungtung rambut, ti handap sausap dampal. Nanging tengah-tengahna mah teu kedah nya kasep, pamali!”
“Ah, teu kedah ditingal tengahna mah atuh ki, tos kabayang ieuh ku abdi na ogé.. héhé..”
Sanggeus dititénan…

“Aki, punten, si bungsu téh geuning gaduh cacat sakedik, saleresna mah teu katingal, nanging ari diperhatoskeun mah geuning éta cepil nu kénca langkung alit batan nu katuhu. Atuh nu nomer dua ogé ngagaduhan cacat sakedik, malah moal katingal, éta indung-sukuna geuning ageung sapalih.”
“Dupi si cikal kumaha adén?”
“Perfect!”
“Tos yakin, Kasép?”
“Absolutely!”
“Mangga atuh ari kitu mah…”

Singget carita, manéhna kawin jeung si cikal. Kacida bagjana manéhna ahirna bisa meunangkeun pamajikan nu geulis tur sampurna. Sababaraha bulan ti harita, pamajikanana ngalahirkeun, orokna lalaki, keur hideung teh, goreng patut deuih..

Manéhna bingung, tuluy tatanya ka si aki naha bisa kajadian bapana kasép indungna geulis, tapi anakna goréng patut kitu.
Si aki ngajawab,
“Sabenerna si cikal téh boga cacat saeutik, malah teu katingali.”
“Naon tea ki?”
“Harita manéhna téh geus kaburu reuneuh…ku urang Afrika …..”

Komentar Via Facebook