Selasa, 23 Februari 2010

Jabang Tutuka

LAKON JABANG TUTUKA



SURALAYA

Kacarios Bhatara Guru nuju dideuheusan ku Resi Narada, nyawalakeun yen kadewatan geus kadatangan Prabu Naga Percona katut wadya-baladna maksa menta Dewi Supraba nu ayeuna nunggu di saluareun Selapatangkeup, sadibubarkeun nana ku pangawasana Batara Bayu.

Kaduana, Bhatara Guru nerangkeun yen Dewi Arimbi tos ngalahirkeun jabang bayi ngan bae tali ari-ari na teu bisa di teukteuk.Batara Guru ngutus Narada maparin “Kontabasma” ka Dipati Arjuna.

GUNUNG WATANGAN

Bambang Aradea nuju menekung muja semedi kasumpingan Batara Surya .ku nyaahna ka putra Bhatara Surya ngancik dina dirina Radea anu rupina jebres/sarupi sareng Arjuna.teu lami sumping Narada sok wae eta Konta teh dipasihkeun ka rd.Radea.Sasokna Konta sang Surya medal tina garbana Radea.Radea teras bae indit gagancangan,tanpa pamit.Resi Narada kasamaran lajeng enggal-enggal nepangan Arjuna / milarian dipati Arjuna.

DI ALAS KRENDAWAHANA

Dipati Arjuna nuju mileuweungan maksad seja milarian senjata kanggo nugel tali ari-arina bayi nu nembe medal/lahir,kauningaeun ku Resi Narada teras di sampeurkeun sarta diterangkeun yen pusaka konta kanggo nugel tali ari-ari na bayi the geus di rebut ku Rd.Radea.ayeuna buru-buru nyusul sarta penta eta senjata teh.

Arjuna muru kapalebah Radea sapendakna guneman ger perang parebut senjata.antukna “eusina”kacandak ku raden aradea ari “warangkana” karebut ku Arjuna, bari teras lumpat sabab pangarasa nu karampas teh sapuratina.nanging Semar surti kalawan waspada teras wae mulang ka nagara-laporan.

PRINGGANDANI

Prabu Darmakusumah,Bima,Nakula,Sadewa,Sri Bhatara Kresna nuju ngariung jabang bayi. Teu lami sumping Arjuna katut pawongan anu nguningakeun hasil karyana.Bima bendu,nanging hal ieu ku Kresna dipiwarang digunakeun.

Warangka dianggo neukteuk tali ari-ari nya harita sapat, mung wae eta warangka teh rapet ngahiji sareng udel jabang bayi. Sarengsena sumping Narada seja mundut tulung sangkan jabang bayi ka candak ka Suralaya, di sarengan ku pawongan kanggo nyaksian eta kajadian/peperangan.

SELAPATANGKEP

Sadugina ka selapatangkep ieu jabang bayi di sodorkeun ka Naga Percona. Ku naga percona di cetrok, jabang bayi maot sapada harita. Nya ku Resi Narada dideuheuskeun ka Hyang Jagat Nata sarta terus diparentahkeun sangkan digodog di Kawah Candradimuka oge para dewa kedah ngasupan rupa-rupa logam kayaning: waja, emas, tambaga, inten, berlian katut sapadana,bari di pangwatekkeun “waringin sungsang”.teu lami bayi ngawujud satria di deuheuskeun ka Bhatara Guru sarta dinamian : Gatotkaca, Krincing wesi, Suryapringga, Mlajangtengah, Jabangtutuka, Bimaputra, Kancing jaya. Satuluyna diparentahkeun supaya ngalawan deui prabu Nga Percona.harita keneh ger perang prabu Naga Percona pegat genggerongna, maot sapada harita.

Bhatara guru nganuhunkeun sarta Batara Guru jangji yen Gatot kaca bakal di angkat raja di Suralaya pikeun sawatara waktu.satutasna nampi wangsit Dewa Gatotkaca miang Ka Amarta.

AMARTA

Para putra pandawa kalayan disesepuhan ku Bhatara Kresna nuju sami ngantos jabang bayi. Teu lami sumping pawongan ngiringkeun jabang bayi nu tos salin jinis ponggawa nu sembada.Saterasna sumujud ka para sadaya sarta Semar medar sagala rupa anu kajadian di Suralaya.

Sadayana para Pandawa sami aya dina kabungahan, salajengna nunuhun ka maha tunggal kalayan ngayakeun syukuran sarta diayakeun pesta anu pohara ramena.

Komentar Via Facebook