Kamis, 27 Mei 2010

Kawung Ratu

Kawung Ratu


DI SADESA Mandalasari jigana mah ngan kawung Aki nu pangjugrahna teh. Lain si sombong, sanajan dibandingkeun jeung kawung bogana Ki Jumsi ge. Ari kawung Ki Jumsi, enya jugrah, tapilahangna kos nu atah raru, sok haseum bae.
Mokaha da, dina usum kieu, ari kana saratus perak mah sapoena eta kawung teh bisa mere, teu hese-hese. Lakar daek bae ngaropeana.
Ku Aki eta kawung dibere ngaran peringetan ka Kangjeng Dalem Wira Tanu Ningrat. Minangka pangeling-eling ka anjeunna, disebut wae Kawung Ratu.
Riwayatna mah kieu eta teh: Baheula, waktu Aki ge ngora keneh, can jaman merdeka harita teh, eta kawung jeunah keneh, can diropea. Ari carulukna mah geus aya, ngan leungeunna can nongtot.
Harita Aki boga deui kawung tilu, nu jadi di sisi walungan Cilonggan. Nu eta mah geus lila bisa disadapna, ngan teu pati matut.

Saban Aki rek nagenkeun lodong kana kawung nu tilu tea, Aki nga-randeg heula di handapeun tangkal kawung jeunah. Da enya, estu jadi angen-angen pisan, sangkan eta kawung bisa mere pakasaban anu lumayan. Ku Aki sok diajak nyarita kieu: “He Nyi Mas Pohaci Jubleg Ireng, parawan Mandalasari nu ngadeg di sisi jalan liliwatan, geura pintonkeun panangan salira, mancer geutah madu tina rema salira ….
Teuing kalah ku mindeng, teuing memang geus waktuna, leungeun eta kawung teh teu lila nongtot. Ari geus nongtot bet jadi bingung Aki teh, sok sieun sal ah nyigayanana. Da eta kawung teh pelak Aki jaman budak. Poho deui karuh, nyanghareup ka mana waktu Aki melak eta kawung, asa ngaler asa ngidul. Apan sok pundung mun salah nyigayanana mah. Jadi nyigayanana kudu lebah tempat melakna. Upama teu kitu, hamo. Lain omong bebenjon ieu teh, enya, sidik, nurutkeun pangalaman Aki kitu, sotenan.
Ku lantaran poho terus, nya Aki teh tahajud heula, hayang dibere ngimpi ku Pangeran. Hayang kaimpikeun deui teh kalakuan jaman Aki melak kawung eta. Kaliasan bet kaparengkeun. Aki ngimpi. Jeung Aki percaya pisan kana eta impian teh. Dina itungan, Aki melak kawung nyanghareup ka beulah kaler. Jadi nyigayan kawungna oge kudu ti beulah kaler. Aya deui nu jadi pikiran harita teh. Naha ditinggurna kudu keur gumear atawa gumucrak-koneng. Apan beda-beda sipatna kawung teh. aya nu kudu ditinggur waktu kembangna gumucrak-cibeas, gumu_crak-koneng, tumereb, gumear, humeor, lumecir, humangit, malah aya nu kudu geus beukah. Tah eta Aki can nyaho. Tapi nya tungtungna mah dipaparah bae. Waktu keur gumucrak-koneng, mimiti ditinggur.
Ku lantaran marawanan, basa ceg kana leungeunna Aki ngomong kieu: “Nyi Parawan Mandalasari, montong getek montong ngepeskeun, poe ieu teh poe pangantenan urang, perlu cisusu jangeun turunan …”
Ninggurna ati-ati pisan, bakuna mah sieun katinggur heunteu careuhna. Kumaha keh mun -kitu, kana pundung deui bae. Taktage kawung mah kos jelema - eh kos parawan meureun - kudu asak ngolona.
Sanggeus ditinggurna lita, heg diayun. Jeung sanggeus katimbang waktuna, si kembang teh tuluy wae dipagas, dipopok ku legoh tangkalak sabiasa.
Nyeta atuh, ari mimitina mah eta kawung teh bet matak rudet bae. Keur lahangna saeutik teh, haseum beak karep. Ku taksiran Aki, eta kawung keur gering. Eta we da kalah ka gegedoh nu ka luar teh, rujit.
Jeung eta harita, neangan kacembeng, kuat kukulintiran ka ditu ka dieu, weleh teu manggih. Nya kapaksa wae ku daun kanyere. Eta leungeun kawung nu geus dipagas teh, heg disusut ku daun kanyere, ava ulah loba teuing gegedohna. Minangka obat doktorna meureun mun ayeuna mah.
Jaba ti eta, lahangna diraru. Sok akar kawao diasupkeun kana lodongna sanggeus dipuput teh. Gen ditagenkeun dina leungeun kawung. Enya rada saleuheung lahangna teu haseum teuing.
Beuki lila eta kawung teh beuki pikalucueun. Lahangna teu haseum sarta beuki jugrah bae. Sapoe-sapeuting dua lodong teh aya kana dua bonjoreun mah, nitih salodong sabonjor. Mucekil pisan sakitu teh.
TAH harita aya pemundut ti Ratu di nagara teh. Punduh Cakra dina hiji poe datang ka Aki. Cenah, Kangjeng Dalem Wira Tanu Ningrat mundut dipangdamelkeun gula ka unggal somahan ti wewengkon Ta-raju jeung Salawu nu sok nyadap. Di desa Mandalasari nu kapeto teh nya Aki pisan. Tangtu Juragan Kuwu nu nuduhkeunana teh, da piraku Kangjeng Dalem uningaeun onamaning.
Beu ambeu, Aki teh dipundutan ku Ratu geuning, kudu nyieun gula sireum jeung gula kerenceng. Pagawean nu bangga eta teh. Tapi sakumaha banggana oge, da dawuh Ratu, piraku bet dipagak, tangtu diestokeun pisan. Apan cenah “guru-ratu wong atua karo, wajib sinembah.”
Tegesna Ratu nu faoga nagara katut uteuk-tongo-walang-tagana, piraanan mundut gula sireum jeung gula kerenceng,cek Aki teh. Malah bungah nu aya, dumeh kapercaya ku menak ti dayeuh.
Eh poho, eta, nu dipundutan gula di desa Mandalasari teh lain Aki wungkul. Duaanjeung Ki Tasrip nu boga kebon kawung pohara legana. Kawung nu jadi kaagulanana, ku manehna dingaranan Kawung Juuh, eta meureun pedah lahangna juuh pisan, jugrah.
Jigana rek dipriskeun Aki jeung Tasrip teh, mana nu leuwih bisa nyadap jeung nu bisa nyieun gula. Atuh tangtu wae Aki enya-enya mah, sieun eleh, sieun isin ku Ratu.
Kabeneran kawung nu tadi teh keur purug, leungeunna kuat satilu-tilu. Disadap kabehanana. Atuh Aki teh aya harepan, lantaran lahangna geus beunang dipercaya tea. Jadi baris meunang lahang nu hade tur loba. Cek angkanan harita, upama Aki meunang pris ti Ratu, Kangjeng Dalem, eta kawung teh rek dingaranan Kawung Ratu.
Dina enggoning nyadapna harita, estu sagala elmu Aki pamere ti nini-aki diketrukkeun kabeh. Boh jangjawokan boh kias-tarekahna sangkan meunang lahang loba tur alus, kabeh dijalankeun. Ieu teh awahing hayang kaanggo ku Ratu bae.
Waktu lahang nu ditaheur keur nyengka, pok Aki ngaharewoskeun jangjawokan. Kitu deui waktu geus rumamat.Tuluy dijait. Ti dinya terus diguis. Terus diguis henteu dicitak, lantaran apan rek nyieun gula ke-renceng jeung gula sireum tea.
Sajeroning ngaguis, Aki teu poho mapatkeun jangjawokan karuhun, menta sangkan gulana kamanah ku Ratu, sing bodas-ngeplak gula sireumna, sing ulah tutung-atahan gula kerencengna.
Taksiran paneda Aki teh diijabah. Eta bae hasilna cek Aki mah estu nyugemakeun pisan. Tuluy ditorosan dihade-hade, sangkan engke di mana aya nu ti desa, kari sok.
Waktu Ki Punduh Cakra datang rek nyokot gula haturan Kangjeng tea, bari ngasongkeun teh teu poho Aki mapatkeun jangjawokan minangka pangjajapna, ambeh gulana dipiasih ku Ratu, kamanah ku menak.
Lila Aki ngadagoan beja ti dayeuh. Aya kana dua Jumaahna, sarta dina hiji poe, Punduh Cakra datang deui.
Pokna: “Ki Sukarma, gula kerenceng jeung gula sireum teh geus katampi ku Kangjeng Dalem. Jigana mah kapuji ku anjeunna. leu kuring masrahkeun suratna …”
Bari ngadegdeg Aki nampanan eta surat. Aksarana aksara Sunda. Heg ku Aki dibaca. Mun teu salah kieu unina teh:
“Ki Sukarma di Babakan Kiara, desa Mandalasari. ieu kula Dalem Tasikmalaya, Wira Tanu Ningrat, mere beja yen gula ti anjeun geus katampa sarta kapuji hadena.
Dina ieu surat kaula mere duit, lumayan pikeun dipake jimat ….”
Kitu asana eta eusi surat teh. Enya eta surat teh dibarengan ku duit sabenggol. Bener sabenggol, teu kurang teu leuwih.
Upama diitung ku harga gula mah, duit sabenggol teh, wah teu kabual. Rugi malah. Tapi ngingetkeun, yen eta duit teh - sanajan ngan pangaji sabenggol - citresna ti nu jadi Ratu, bungah nu aya. Sarta sakumaha dawuhanana yen eta duit kudu dijieun jimat, ku Aki teu digasab, diteundeun didama-dama pisan.
Ti harita kawung nu tadi teh dibere ngaran Kawung Ratu. Kabeh urang desa Mandalasari, nepi ka desa Puspahiang oge geus nyarahoeun, yen Aki meunang pris. Pris kahiji malah di sa-Salawu oge.
Dina hiji peuting bet eta kawung teh kaimpikeun. Dina itungan nu kadeuleu harita, eta kawung teh bet leungeunan sarta sirahna saperti awewe, pohara geulisna. Kitu lah jiga burok, ngan awakna lain kuda, tapi kawung. Ngong eta burok kawung teh ngawih anu maksudna menta ka Aki persenan ti Ratu.
Anggeus ngawih, ana korejat Aki hudang. Bet make muringkak bulu punduk. Inget harita malem Jumaah kira wanci janari leutik.
Kaganggu ku mikiran impian, Aki teu sare deui. Nyileuk bae. Ceuk hate: Enya Nyi Mas Pohaci Jubleg Ireng teh mundut persenan ti Ratu geuning. Jeung ahirna, sanggeus dipikir dibulak-balik, gilig we hate teh, yen duit sabenggol nu ti Ratu tea, rek dibikeun ka Kawung Ratu. Da enya mana kitu oge, hakna.
KACARITAKEUN isukna, rebun-rebun keneh, Aki geus indit bari mawa duit benggol, rek ngajalankeun niat tea. Tah harita meunang kareuwas nu pohara teh. Ti kajauhan geus katembong, yen di handapeun Kawung Ratu aya 12jelema. Ana dilelek-leiek, geuning eta jelema teh nu rek deleka, da keur ngagedek bae nuar Kawung Ratu. Nataku Aki sewot na, serepet nyabut bedog panjang bari ngagorowok:
“Sia rek nuar kawung aing, hah? Hayang dicacag?”
Jelema nu aya di handapeun kawung gancang ngalieuk. Masya Allah geuning manehna teh Ki Tasrip tea. Enya Ki Tasrip nu eleh pris tea. Tah barang manehna neuleu beungeut Aki, gancang manehna mabur, lumpat tipaparetot. Ku Aki meunang sawatara pentangan mah diudag, tapi teu kebat, da cek ingetan karo-karo burung. Tuluy we balik deui kana kawung.
Diilikan tapak kampak dina tangkal Kawung Ratu teh, hadena can pati jero. Leuh diwaaskeun upama Aki teu gancang-gancang ka dinya, kana lapur tah kawung teh. Mangkaning kawung geus ngaronjatkeun darajat Aki di desa, malah julukan Kawung Ratu oge geus kawangikeun, Piraku we mun teu meritegeg upama aya nu nuar teh.
Kaharti ku Aki, Ki Tasrip teh sirik, pedah kawungna teu meunang pris. Kawung Juuh-na eleh ku Kawung Ratu. Art kituna mah, nya sarua wae meureun jeung Aki, manehna oge hayangeun kamanah ku menak, hayang kaanggo. Tapi nasib hade aya di Aki. Banget-banget Aki nganu-hunkeun ka Pangeran jeung ka para karuhun nu ngawaris jangjawokan jeung elmuning kias tarekah tea.
Estu jadi udagan Aki, iadi udagan sarerea, hayang jadi somahan anu hade teh. Da ngarumasaieun hirup digeugeuh ku menak. Maksud Aki teh di dunya. Jadi fay a barang kinasihan, upama dipundut atawa dipika-palay ku nu ngaheuyeuk nagara mah, tangtu disanggakeun kalawan kabungahan.
Katurug-turug Aki percaya pisan, yen dawuh Ratu mah sok saciduh metu, sabda menak sok saucap nyata tea. Aki yakin, ku kaanggona gula kerenceng jeung gula sireum tina Kawung Ratu, bakal aya karasana kana kahirupan Aki. Buktina eta Kawung Ratu teh beuki jugrah bae lahangna.
Tah nya; kacaritakeun duit benggol nu ti Kangjeng Dalem ku Aki di-asupkeun kana hate Kawung Ratu. Mimitina mah rek di beh handap bae, kabeneran aya urut kampak tea. Ngan dipikir, bisi aya nu manggih-an. Ku lantaran kitu terekel naek kana sigay; kira sadeupa deui ti pucuk, heg molongoan tangkalna, bes benggol teh diasupkeun ban ngomong:
“leu Nyi Mas Pohaci Jubleg Ireng, kuring nyanggakeun kagungan, mugi ditampi ..,.”
Ti harita Kawung Ratu teh dieusi benggol jimat. Aneh karasana ku Aki asa aya komaraan sanggeus kitu teh. Euh tangtu perbawa jimat ti Ratu, cekhate.
Isukna Aki meunang beja pikareuwaseun. Majah Ki Tasrip geus maot ngagantung maneh dina tangkal Kawung Juuh. Inna lillahi, cek hate. Manehna .maot lantaran eleh pris meureun. Eleh berjuang cek basa ayeuna mah, berjuang sangkan kaasih ku Ratu. Teu ngabibisani, cacak mun Aki eleh oge, kana kawas manehna. Ngan teuihg ketang ari kudu ngagantung maneh mah. Nu tangtu, boga perasaan teu bisa jadi somah-an nu hade mah, pasti aya.
UJANG, NYAI, geuning maraneh teh ngabandungan omongan Aki bangun pogot kitu? Naha rame pangalaman Aki teh? Asa teu pira pila-kadar ngadongengkeun kawung! Panjang sotenan dipanjangkeun ku Aki, itung-itung Aki mulangkeun deui panineungan ka mangsa baheula. Da ari lalakonna mah pondok pisan.
Jigana, tangtu Ujang-Nyai oge boga kahayang cara Aki. Hayang jadi somahan - rayat meureun cek basa ayeuna mah - nu hade. Enya? Pi-raku bae mun henteu teh. Ari lantaranana apan urang hirup teh estu ka-purba ku menak. Cek ayeuna mah meureun ku Bapa-bapa Pamingpin. Tina hal ieu, Aki yakin pisan, yen tangtu sarua, mo beda. Upama geus beda, nya bengkok sembah tangtu bakal aya mamala. Nagara bakal kacrut werit jeung ilang dangiang, lantaran somahanana geus malung-kir ka nu jadi ratuna. Naudubillahi mindalik!
Ku lantaran kitu, waktu dina hiji poe Aki kadatangan jurungan ti kacamatan, yen Juragan, eh Bapa Camat, mundut gula galeuheun, ku Aki teh estu disanggupan pisan. Ras inget ka jaman baheula. leuh, Aki mah teu ngawiji-wiji ka nu jadi menak teh. Teu pedah jaman baheu_la teu sarua jeung jaman ayeuna. Sarua bae. Menak mah menak bae, sanajan ayeuna geus ganti ngaran oge, da hakekatna mah moal beda.
Kira dua minggu ka tukang, waktu Aki neang leungeun Kawung Ratu, manggih pangalaman nu matak ngajenghok. Nya eta deukeut tangkal kawung geus aya calecer. Beu, cek hate, .tangtu ieu teh calecer ti Desa nu rek ngalegaan jalan. Ari disidik-sidik, sihoreng calecer teh ayana beh ditueun kawung. Harita Aki ngaheruk lila pisan, ret kana
Kawung Ratu, ret kana calecer.
“Emh, deudeuh teuing Kawung Ratu, meureun maneh teh bakal di-tuar dajalan rek digedean,” cek hate. Nya eta atuh, ku hanjakal Kawung Ratu teh jadina meh dina kuta pisan, jadi kasipat ku calecer tea.
Pohara Aki sabilna. Ras inget kana pamundut ti Juragan Camat. Ras inget deui kana parentah ti desa. Mangkaning kawung Aki teh ngan tinggal Kawung Ratu wungkul. Jadi pikeun nedunan pamundut ti Kaca-matan, Aki satadina mah ngandelkeun ti Kawung Ratu. Tapi harita rek dituar, titahan ti desa.
Art nu matak sabil, ka ditu kumaha ka dieu kumaha. Apan Desa jeung Kacamatan teh sarua bae kudu diturut parentahna. Boh Juragan Kuwu, boh Juragan Camat, sarua menak nu wajib sinembah tea.
Aya nu matak ngarugikeun Aki teh. Nya eta tipama parentah ti Desa diturut. Atuh meureun mun dituar, kana leungit pakasaban Aki nu baku. Tapi kumaha da eta parentah nu kudu diturut.
Upama teu diturut, beu aya kudua atuh Aki teh nyontoan ka nu ngaro-ra. Apan tadi ku Aki geus dicaritakeun, yen upama kitu, bengkok sem-bah tea. Eta Aki teu niat, bararaid teuing!
Tapi Aki perlu ku eta kawung. Kahiji keur pakasaban Aki, kadua keur nedunan pamundut ti Kacamatan tea. Keun ari pakasaban Aki mah, teu penting, tapi eta pamundut ti Kacamatan.
leuh Ujang-Nyai, karasa bohongna omongan Aki nu pangahirna bieu? Majar keun ari pakasaban Aki …. Ah, nyeta atuh Ujang, Nyai, sabener na Aki butuh pisan ku eta kawung teh. Eta teh hirup Aki, Ujang, Nyai. Upama euweuh eta kawung meureun Aki beuki kokoro.
Jadi sarua pentingna, boh pikeun nedunan pamundut ti Kacamatan, boh pikeun kahirupan Aki sorangan.
Beuki dieu pamundut ti Kacamatan beuki mereg bareng jeung paren_tah ti Desa sangkan Kawung Ratu gancang dituar. Duanana parentah ti menak, duanana kudu diturut.
Ari peuting tadi bet eta Kawung Ratu teh kaimpikeun deui. Da enya atuh, nepi ka Aki mah boga anggapan, yen eta kawung teh lain saka-wung-kawungna, estu titisan Nyimas Jubleg Ireng nu asalna tina daging jeung getih Dewi Sri urang kayangan. Ku lantaran kitu pangrumat Aki terhadep eta kawung, pohara enya-enyana, dipusti-pusti pisan cara ka jelemabae.
Enya, eta kawung teh peuting tadi kaimpikeun deui. Dina itungan, manehna nembongan ngarupakeun hiji putri nu make pakean sing sar-wa bodas. Heg ngagupayan ka Aki. Ari disampeurkeun, bet kadenge manehna ngawih, pokna:
“Pileuleuyan, pileuleuyan,
kuring digupay ku langit,
pileuleuyan, pileuleuyan,
kuring ditundung ku bumi.”
Jigana mah geus terus rasa ka manehna, yen moal lila deui manehna rek dituar mana kaimpikeun kitu oge. Geus boga wirasat, yen lalakonna tereh tamat.
Impian peuting kamari meureun minangka iber pileuleuyanana.
Aki jeung manehna tereh papisah. Beurat puguh ge. Ngingetkeun geus kalilaan babarengan, sakaduka-sakasuka, asa jeung dulur pet ku hinis bae.
Ayeuna Aki pohara baluwengna, sabil nu taya papadana. Ras inget Kawung Ratu daek teu daek kudu dituar. Leuh, mun dituar teh meureun sarua jeung maehanjelema, cek Aki mah. Dosa jeung teu kaduga.
Coba kumaha timbangan Ujang jeung Nyai, lamun maraneh nyangha-reiipan perkara kieu? Inget kana papatah “guru, ratu wong ‘atua karo wajib sinembah,” inget kana pangabutuh sorangan jeung inget yen nu kudu dituar teh Kawung Ratu pisan nu ku Aki dianggap jelema nu boga nyawa.
Ayeuna lalay geus mimiti ka luar. Geus meh sareupna. Nyanghareup-an peuting, engke, pohara wegahna, lantaran isuk kudu aya putusan. Isuk gagasan leungeun kawung geus waktuna dibuka, lahangna geus kerep nyakclakanana. Pamundut ti Kacamatan bisa ditedunan upama Kawung Ratu teu kudu dituar.
Rek kumaha ieu leungeun Aki isukan? Naha ngecekkeun kampak kana tangkalna nepi ka kawung jadi pogor atawa nagenkeun lodong kana leungeun kawung …. Eta can kapikir ku Aki, tapi kuma isuk bae. Engke peuting Aki rek mikir.
KITU kira-kira obrolan Aki Sukarma ka kuring kamari teh. Nyaritana estu binarung rasa jeung dareuda hate. Persualan nu disanghareupana-na pohara beuratna. Kuring ge teu bisa mutuskeun kudu kumaha ma_nehna teh, naha kudu nyadap atawa kudu nuar kawung.
Tapi poe ieu pisan, tadi isuk-isuk, manehna geus mutuskeun sorang_an. Manehna geus ngajawab persoalanana pribadi. Jigana mah meu-nang mikir sapeupeuting. Yen kudu kitu.
Tadi isuk-isuk, kuring bareng jeung urang kampung Babakan Kiara ngahaja nepungan manehna ka Kawung Ratu.
Barang datang ka handapeun kawung, meh kabeh taya nu kuat tanggah. Kabeh ngaheruk.
Ret kuring kana tangkal kawung. Aya tapak ngadek, tapi can patijero. Kampakna ngagoler dina taneuh, teu jauh tina puhu sigay. Sanggeus kitu lalaunan panenjo kuring mapay sigay ka luhur suku Aki Sukarma geus ngagulayun.
Cek hate: Poe ieu geus leungit hiji tukang nyadap kahot nu geus ka koncaradi desa Mandalasari anu ngaran Aki Sukarma.
Jeroning kitu kuring asa ngadenge nu ngawih ti lebah tangkal ka_wung. Sorana gaib naker:
“Pileuleuyan, pileuleuyan,
kuring digupay ku langit,
pileuleuyan, pileuleuyan,
kuring ditundung ku bumi ….”
Tina Sawidak Carita Pondok / Mangle No. 67 Bulan Mei 1963

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Komentar Via Facebook